Nya, urang mah teu hayang buru-buru nyimpulkeun Ferry teu netral.
Tapi lamun geus jadi Dirut I.League, terus nyebut salah sahiji pelatih klub peserta kompetisi sebagai “pelatih saya”, nya ulah héran lamun Bobotoh langsung ngalieuk.
Soalna posisi ayeuna mah lain deui sekadar urusan pribadi.
Salah ngomong saeutik, publik bisa langsung nanya.
Jeung nu jadi pertanyaan Bobotoh lain:
“Shin Tae-yong pelatih saha?”
Eta mah jelas.
Nu jadi pertanyaan téh:
“Ferry Paulus ayeuna keur ngomong sebagéy apa?”
Sabab lamun urang ngarepkeun kompetisi anu adil jeung profesional, bahasana ogé kudu bisa ngajaga jarak.
Teu kudu nepi ka dilarang nyebut “pelatih saya”.
Tapi lamun kalimat éta kaluar ti jalma anu aya di pucuk operator kompetisi, terus jadi bahan sorotan suporter…
nya ulah héran lamun aya nu ngomong:
“Bentar-bentar… kaya aya nu anéh.” 🤭🤣
Teu nuduh, lain ogé vonis.
Ngan… ceuk Bobotoh, mending ulah méré bahan keur curiga.
Baca ogé: Nepi ka Disiarkeun TV!, @rememberpersib Ikut Nyorot Launching Persib
Sabab di sepak bola Indonesia, trust téh mahal. Sakali persepsi geus miring, ngabalikeunana teu sagampang nyitak gol, Ferguso….
MEMÉRSIB
Ngomongkeun Persib Rasa Bobotoh

Tinggalkan Balasan