CARITA BOBOTOH
“Jauh, euy. ka Seoul.”
Lamun aya nu nanya naha kudu nepi ka Korea, jawabanna basajan: lantaran Persib maén.
Tapi keur bisa nepi ka Seoul, Bobotoh kudu nyiapkeun leuwih ti sakadar tiket. Bobotoh nyiapkeun duit keur tiket pesawat jeung tempat cicing. Maranéhna ngabagi waktu antara kerja jeung kulawarga, tuluy ngalakonan perjalanan panjang ka Seoul. Sababaraha poé, maranéhna ninggalkeun heula rutinitas di Bandung. Moal aya jaminan Persib bakal meunang, tapi maranéhna tetep milih indit sabab hayang nyaksian langsung Persib maén.
Sanggeus nepi ka Seoul, caritana teu eureun di pertandingan. Bobotoh papanngih jeung sasama, ngariung, jeung silaturahmi jeung suporter FC Seoul. Aya obrolan, aya seuri, aya momen anu meureun moal manggih lamun ngan lalajo ti imah.
Tuluy waktuna pertandingan datang.
Bobotoh maké atribut Persib, asup ka stadion, tuluy ngaguruhkeun sora dukungan.
Persib meunang 1-0.
Meureun éta anu ngajadikeun perjalanan ieu boga rasa sorangan. Capéna mah moal ujug-ujug leungit. Tapi, perjalanan tadi mah jadi kenangan anu moal poho.
Ti Bandung ka Seoul, Bobotoh lain ukur ngudag pertandingan. Maranéhna keur nyieun hiji carita jeung Persib.
Engké, nalika geus balik deui ka imah, nu dibawa lain ngan foto atawa oleh-oleh.
Aya hiji pangalaman anu bisa dicaritakeun:
“Urang pernah ngudag Persib nepi ka Seoul.”
Memérsib — Carita Bobotoh
Carita Bobotoh Lainna
Ti Gedung Dakwah Nepi ka Kampus, Persib Nyambung jeung Warga Muhammadiyah




