Sabtu, 15 Agustus 2026
Kick-off: 19.00 WIB
Stadion Kapten I Wayan Dipta, Gianyar, Bali.
Sabtu sore, PERSIB Bandung bakal kembali ke lapangan. Setelah perjalanan melelahkan di Piala Presiden 2026, Maung Bandung ayeuna neruskeun persiapan keur musim 2026/2027 melalui Dewata Challenge Series 2026.
Lawan kahiji anu kudu disanghareupan nyaéta Sabah FC, wakil ti nagarana “Upin-Ipin”, Malaysia anu geus leuwih tiheula nyobaan hawa pertandingan di Bali.
Ieu memang pertandingan pramusim, lain pertandingan liga jeung lain laga anu nangtukeun trofi resmi, tapi ulah dianggap saukur ulin-ulinan komo nepi ka heureuy mah. Keur PERSIB, pertandingan ieu jadi kasempetan keur ningali kumaha perkembangan tim sanggeus ngalakonan pemusatan latihan di Bali, sakaligus nguji hasil gawé bareng Igor Tolic anu masih kénéh ngawangun timna.
Ari Sabah mah datang boga modal anu cukup ngeunah: maranéhna geus ngéléhkeun Bali United 2-1 dina pertandingan pembuka Dewata Challenge Series. Jadi, dua tim ieu datang kalayan kabutuhan anu béda. PERSIB butuh tempat keur nguji, ngulik, jeung ngabenerkeun naon anu masih acak-acakan, sedengkeun Sabah butuh neruskeun momentum sanggeus meunang dina laga kahiji.
Kondisi Terakhir PERSIB
PERSIB datang ka Bali sanggeus ngalakonan Piala Presiden 2026. Laga pamungkasna nyaéta final ngalawan Persebaya Surabaya dina 6 Agustus 2026. Pertandingan bérés kalayan skor 1-1 dina waktu normal jeung tambahan, tuluy kudu ditangtukeun ku adu pinalti. Persebaya ahirna unggul 6-5 dina “ngadu milik”, anu ngajadikeun PERSIB kudu puas jadi runner-up Piala Presiden 2026.
Saméméhna, perjalanan PERSIB cukup alus: ngéléhkeun Arema FC 1-0 dina 25 Juli, ngéléhkeun DPMM FC 1-0 dina 28 Juli, ngéléhkeun Tampines Rovers 1-0 dina 31 Juli, tuluy ngéléhkeun Persija Jakarta 2-1 dina semifinal 4 Agustus. Jadi tina lima pertandingan Piala Presiden, PERSIB nyatet opat kemenangan jeung sakali éléh, nyaéta dina final ngalawan Persebaya via drama adu penalti.
Tapi ayeuna caritana geus béda. Piala Presiden geus bérés, trofi geus leupas, jeung waktuna balik deui kana pagawéan anu leuwih penting: ngawangun tim. Sabab éta, laga ngalawan Sabah teu kudu ditingali tina skor wungkul. Anu kudu diperhatikeun lain Si Ramon waé nu pakojot mawa bola jeung teu nyaho liang, tapi leuwih tidinya, kumaha fisik pamaén, komunikasi, organisasi permainan, chemistry, nepi ka Igor Tolic boga konsép keur nyusun kombinasi pamaénna. PERSIB ogé geus nyebut yén program latihan di Bali terus diarahkeun keur ningkatkeun fisik jeung téknik pamaén.
Sabah FC Datang Boga Modal Meunang
Sabah FC mah teu datang ukur leungeun kosong. Dina pertandingan kahiji Dewata Challenge Series tanggal 13 Agustus 2026, Sabah langsung ngéléhkeun Bali United 2-1. Sabah muka skor di menit ka-18 ngaliwatan Park Jungbin, tuluy Bali United ngabales léwat Rahmat Arjuna dina menit ka-23. Tapi Sabah balik unggul saméméh turun nginum jeung sanggup ngajaga skor 2-1 nepi pertandingan réngsé.
Hasil ieu ngajadikeun Sabah jadi tim mimiti anu meunang dina Dewata Challenge Series 2026. Nu leuwih kudu diperhatikeun, Sabah teu ngan saukur parkir beus sanggeus unggul. Bali United masih boga sababaraha kasempetan dina babak kadua, tapi pertahanan Sabah bisa nahan tekanan jeung ngajaga hasil nepi piriwit panjang. Hartina, PERSIB boga lawan anu geus meunang rasa percaya diri ti pertandingan kahiji. Salah sahiji ngaran anu kudu diperhatikeun nyaéta Park Jungbin. Gelandang ieu langsung nyieun gol pembuka ngalawan Bali United ogé nunjukkeun yén ancaman Sabah teu kudu ngan ukur ditingali ti penyerangna. Lini tengah ogé bisa jadi sumber masalah lamun diantep bébas teuing.
Saha ari Sabah FC?
Sabah FC mangrupakeun klub asal Kota Kinabalu, Sabah, Malaysia anu manggung di kasta pangluhurna sepak bola Malaysia. Tim ieu ayeuna ditangani Juan Torres Garrido, pelatih asal Spanyol anu nyokot alih Sabah dina Februari 2026 sarta jadi bagian tina proyek kleub keur nyiapkeun tim nyinghareupan musim anyar.
Dewata Challenge Series dimanfaatkeun Sabah keur ngukur sabaraha jauh level tim maranéhna saméméh asup kana kompetisi resmi. Juan Torres ningali pertandingan ngalawan Bali United jeung PERSIB minangkana mah kasempetan nguji timna ngalawan dua klub Indonesia. Jadi ulah héran lamun Sabah tampil lumayan serius. Maranéhna ogé boga modal tambahan: geus meunang dina laga kahiji jeung geus nyaho kumaha rasana maén di Stadion Kapten I Wayan Dipta.
Modal Terakhir Duanana
Lamun ningali tina hasil pamungkas, PERSIB memang datang mawa catetan anu cukup alus sok sanajan finalna kudu ditutup ku rasa baleuy. Laga pamungkas PERSIB nyaéta 1-1 lawan Persebaya dina waktu pertandingan, tuluy éléh dina adu pinalti. Saméméhna boga hasil meunang 2-1 ngalawan Persija, 1-0 ngalawan Tampines Rovers, 1-0 ngalawan DPMM FC, jeung 1-0 ngalawan Arema FC.
Sedengkeun Sabah datang langsung meunang 2-1 ngalawan Bali United. Jadi lamun ngan ukur ningali momentum pertandingan panganyarna, Sabah keur rada leuwih panas sabab kakara meunang, sedengkeun PERSIB kudu malikkeun deui mood saprak gagal jadi juara Piala Presiden. Tapi lamun ningali kualitas lawan anu geus disanghareupan, pangalaman pertandingan jeung kualitas skuad, PERSIB jelas boga modal sorangan.
Dua Tim, Dua Pangabutuh
Nu bakal menarik, PERSIB jeung Sabah sabenerna teu keur ngudag hal nu sarua. PERSIB butuh eksperimen jeung evaluasi. Igor Tolic kudu nguji komposisi, ningali saha anu nyambung jeung saha anu can nyambung, ngawangun chemistry, ngabenerkeun organisasi permainan jeung méré menit ka pamaén anu butuh kesempatan.
Sedengkeun Sabah butuh konsistensi. Sanggeus bisa ngéléhkeun Bali United, tangtu maranéhna hayang ngalakukeun deui hal anu sarua ngalawan PERSIB. Lamun Sabah sanggup ngéléhkeun dua klub Indonesia dina hiji rangkaian turnamen, éta bakal jadi modal psikologis anu cukup gedé keur maranéhna. Ku kituna, pertandingan ieu bisa jadi rada leuwih rumit tibatan anu katingali dina catetan kertas.
Pertarungan Taktik
Igor Tolic masih dina tahap kuriak ngawangun PERSIB. Struktur permainan, pola serangan, hubungan antarpamaén jeung komposisi inti masih terus dirapihkeun. Sedengkeun Sabah datang mawa modal hiji pertandingan di turnamen anu sarua.
PERSIB diprediksi bakal nyobaan leuwih dominan dina penguasaan bola jeung nyusun serangan sacara terstruktur, tapi Sabah geus nunjukkeun yén maranéhna bisa ngamangpaatkeun transisi jeung momentum.
Gol Park Jungbin ngalawan Bali United ogé jadi sinyal yén PERSIB teu cukup ngan ngajaga penyerang. Lini kadua Sabah kudu diperhatikeun. Mun PERSIB telat turun nalika leungit bola, Sabah bisa waé nyieun masalah. Ieu bagian anu bakal menarik ditingali: naha PERSIB bisa ngajaga kontrol pertandingan, atawa malah kabawa kana tempo permainan Sabah.
Nu Kudu Diperhatikeun Bobotoh
Aya sababaraha hal anu leuwih penting tibatan saukur meunang atawa éléh.
Kahiji, kumaha réaksi PERSIB sanggeus gagal di final Piala Presiden. Éléh ku Persebaya léwat adu pinalti tangtu ninggalkeun rasa kuciwa, tapi pertandingan ngalawan Sabah jadi kasempetan keur ningali kumaha tim ngabales rasa kuciwa éta di lapangan.
Kadua, chemistry pamaén anyar. PERSIB keur aya dina fase ngawangun deui komposisi tim, jadi hubungan antarpamaén kudu terus diuji, utamana nalika transisi nyerang jeung bertahan.
Katilu, menit bermain keur pamaén ngora. Pramusim téh salah sahiji momen anu paling logis keur méré pangalaman ka pamaén ngora, tapi lain ngan ukur soal dibéré menit; kudu ditingali ogé naha maranéhna sanggup nuturkeun tuntutan tim utama.
Kaopat, perkembangan fisik. PERSIB henteu asal ngagebér latihan saméméh pertandingan, tapi materi latihan disaluyukeun jeung jadwal Dewata Challenge Series supaya kondisi pamaén tetep optimal.
Kalima, lini hareup. Produktivitas penyerang ogé bakal jadi perhatian, komo Si Ramon. Pamaén hareup kudu bisa nunjukkeun yén maranéhna pantes meunang tempat nalika kompetisi resmi dimimitian. Jadi mun aya striker anu can nyetak gol atawa can katingali nyambung, komo pabaliut suku jeung teh nyaho liang mah, ieu mangrupa salah sahiji kasempetan keur ngabuktikeun diri.
Stadion Kapten I Wayan Dipta
Pertandingan bakal dilaksanakeun di Stadion Kapten I Wayan Dipta, Gianyar, Bali. Stadion ieu lain tempat anu asing keur PERSIB, sabab Dedi Kusnandar saparakanca mineng maén di Bali dina sababaraha musim terakhir. Tapi ayeuna konteksna béda. Ieu lain liga, lain pertandingan anu kudu meunang keur ngudag posisi klasemen, jeung lain pertandingan anu langsung nentukan nasib. Ieu pertandingan pramusim anu fungsina keur nguji jeung nyiapkeun tim.
Jadi hasil memang penting, tapi proses leuwih penting. Mun PERSIB meunang tapi permainanana masih acak-acakan, Bobotoh tangtu boga hak keur nanya, “Ari saria belul maée?”. Sabalikna, lamun hasilna teu saluyu harepan tapi aya perkembangan anu jelas dina permainan, éta ogé kudu dihargaan salaku bagian tina proses.
JADWAL DEWATA CHALLENGE SERIES 2026 · Review Sabah FC 0-3 PERSIB · Hub Persib 2026/27
Prediksi Memérsib
Ieu pertandingan moal gampang. Sabah geus meunang naklukeun Bali United, geus nyaho suasana pertandingan di Bali jeung keur boga rasa percaya diri. PERSIB ogé teu bisa datang bari ngarasa leuwih gedé ngan kusabab ngaranna PERSIB. Tapi lamun ningali kualitas skuad, pangalaman jeung hasil PERSIB dina Piala Presiden, Maung Bandung tetep boga modal bisa meunang.
Baca ogé ieu Lur: ‘Dina Sapeuting, Leungit’: Persib, FIFA Registration Ban, dan Kasus Robert Rene Alberts
Memérsib ningali pertandingan ieu bisa lumangsung ketat, tapi PERSIB boga kasempetan keur nyokot kemenangan. Prediksi skor: Sabah FC 1-2 PERSIB Bandung. Tapi deuih, urang ulah kaburu ngamuk lamun skor henteu akur jeung prediksi. Ieu pramusim. Nu kudu diudag lain saukur angka dina papan skor, tapi kumaha PERSIB kaluar ti lapangan kalayan tim anu leuwih siap tibatan saméméhna.
Pertandingan Ieu Henteu Ngacu Kanu Trofi
Dewata Challenge Series lain kompetisi resmi anu bakal nangtukeun prestasi PERSIB dina musim 2026/2027. Tapi justru lantaran lain kompetisi resmi, Igor Tolic boga ruang keur eksperiman rupa-rupa hal. Di dieu manéhna bisa nguji. Di dieu pamaén bisa silih siku méh meunang tempat. Di dieu chemistry bisa mimiti kabentuk. Jeung di dieu Bobotoh bisa noong saeutik-saeutik: sabenerna PERSIB 2026/2027 rék dibawa ka mana?
Sabah geus muka turnamen ku kemenangan ngalawan Bali United. Ayeuna giliran Maung Bandung ngajawab. Sabtu, 15 Agustus 2026, Sabah FC vs PERSIB Bandung.
Pramusim memang lain rék perang keur ngala trofi, tapi lain hartina euweuh anu kudu dibuktikeun. Sabab ti pertandingan-pertandingan siga kieu, urang bisa mimiti ningali naha PERSIB geus boga arah, atawa masih kénéh kudu beberesih loba teuing PR. Hayu lalajoan tingali, Maung Bandung ayeuna geus jadi naon di leungeun Igor Tolic?.
[MEMÉRSIB]
Ngobrolkeun Persib, ku rasa Bobotoh
Sumber rujukan:
- PERSIB — Persib Lanjutkan Persiapan di Bali
- PERSIB — Persib Mulai Jalani Pemusatan Latihan di Bali
- PERSIB — Fisik dan Teknik Terus Digenjot
- detikJabar — Persib Bandung Main Lagi Kapan? Ini Jadwal Lawan Sabah FC
- ANTARA — Bali United Takluk 1-2 dari Sabah FC
- Bola.com — Hadapi Persib Bandung dan Bali United, Modal Bagus Sabah FC Ukur Kemampuan
- MetroTVNews — Jadwal Lengkap Dewata Challenge Series 2026
- ESPN — Sabah vs Persib Bandung

Tinggalkan Balasan