Tag: Persib-vs-Sabah-FC

  • Ulasan Laga: Sabah FC 0-3 PERSIB, Meunang Gedé Teu Kudu GR

    Ulasan Laga: Sabah FC 0-3 PERSIB, Meunang Gedé Teu Kudu GR

    Persib Bandung memainkan laga persahabatan melalui Dewata Challenge Series 2026 melawana Sabah FC, tim Malaysia anu méméhna geus ngéléhkeun Bali United 2-1. Jadi lamun aya anu mikir ieu mah ngan laga pramusim, tinggal ulin nyantai bari mantai, sigana kudu rada ditarik deui omonganna. Persib datang ka Stadion Kapten I Wayan Dipta dina kondisi skuad anu can sagembléngna lengkep, tapi hasil ahirna malah matak ngeunah: Sabah FC 0-3 Persib Bandung. Tilu gol tanpa dibales hiji gé. PERSIB dina laporan resmina mastikeun kemenangan ieu jadi hasil penting dina bagian persiapan menuju musim 2026/2027.

    MVP Buka Keran Gol

    Gol kahiji Persib datang ti Mariano Peralta léwat titik pinalti. Ieu lain ngan saukur angka 1-0 dina papan skor, tapi jadi momen anu cukup menarik lantaran Peralta langsung nyumbangkeun gol dina salah sahiji penampilan awalna keur Persib. Jadi, can pati loba omong, can loba gaya, langsung méré bukti. Memang ieu kakara pramusim, tapi keur penyerang anyar, gol mah tetep gol. Minimal aya modal percaya diri keur neruskeun proses adaptasi jeung tim.

    Sabah Teu Sembarangan, Tapi Persib Teu Kabalieur

    Sabah FC sabenerna lain lawan anu bisa dirémehkeun. Maranéhna kakara ngéléhkeun Bali United 2-1 dina laga kahiji Dewata Challenge Series. Hartina, tim asal Negeri Jiran ieu datang mawa rasa percaya diri anu cukup gedé. Tapi Persib bisa ngajaga pertandingan tetep dina kontrolna. Sabah anu saméméhna bisa nyetak dua gol ka Bali United ayeuna kudu balik bari teu bisa ngabobol gawang Teja Paku Alam. Ieu bagéan anu cukup penting: clean sheet. Lini tukang Persib teu ngan saukur datang keur ngalengkepan formasi, tapi bisa ngajaga gawang tetep kosong nepi pertandingan réngsé.

    Menalo Milu Nyelap

    Sanggeus unggul, Persib teu eureun néangan gol tambahan. Luka Menalo nyieun gol kadua dina babak kadua. Gol ieu ngajadikeun posisi Persib leuwih aman sarta tekanan ka Sabah beuki gedé. Ieu anu rada matak resep: Persib henteu buru-buru maén aman pédah geus unggul. Aya usaha keur terus nyieun ancaman. Memang teu kudu langsung disebut sempurna, da ieu mah kakara hiji pertandingan, tapi sahenteuna aya tanda yén tim masih boga niat nyerang sanajan geus unggul.

    Étam Nutup Laga

    Menit-menit ahir pertandingan, Beckham Putra nambah hiji gol deui. Jadi skor ahir Sabah FC 0-3 Persib Bandung. Tilu gol datang ti tilu ngaran nu béda: Peralta, Menalo jeung Beckham. Ieu hal anu cukup menarik keur tim anu keur dina prosés nga-reset ulang. Artina, ancaman Persib teu kudu gumantung ka hiji pamaén hungkul. Mun hiji lini teu jalan, masih aya pamaén séjén anu bisa muncul. Beckham ogé ngabuktikeun deui yén dirina masih bisa jadi bagian penting dina permainan Persib. Media nasional saperti CNN Indonesia ogé mastikeun hasil 3-0 ieu jeung nyorot gol debut Peralta keur Maung Bandung.

    Tilu Gol, Clean Sheet, Tapi Ulah Waka GR

    Nah, ieu bagian anu paling penting versi Memérsib. Meunang 3-0 mah alus. Malah alus pisan. Tapi ulah can nanaon geus ngarasa Persib geus bérés kabéh. Ieu pramusim, lain final Liga. Tim masih dina proses, skuad ogé can pati lengkep, jeung Igor Tolić masih kudu néangan komposisi anu paling cocok. Persib memang meunang kalayan margin tilu gol jeung clean sheet, tapi masih aya loba hal anu kudu dibenerkeun saméméh kompetisi resmi dimimitian. Jadi hasil ieu kudu dijadikeun modal, lain alesan keur nyalsé.

    Igor Tolić Meunang Bahan Evaluasi

    Saacan pertandingan, fokus Persib memang lain saukur meunang. Pemusatan latihan di Bali dijadikeun bagian tina persiapan musim anyar, pertandingan ngalawan Sabah jeung Bali United dipaké keur nguji hasil latihan. Faris Abdul Hafidz ogé nyebut yén dua pertandingan di Bali penting keur ngukur hasil latihan, utamana dina komunikasi, fisik jeung teknik. Jadi tina sudut pandang éta, skor 3-0 téh bonus anu ngeunah. Igor meunang hasil, tapi leuwih penting deui meunang bahan keur evaluasi.

    Persib Can Full Team

    Nu kudu diinget ogé, Persib teu turun kalayan skuad anu sagemblengna lengkep. Sababaraha pamaén masih katingali sidéngdang di tribun penonton lantaran aya anu masih dibéré waktu istirahat sanggeus dines internasional.detikSport saméméhna ngalaporkeun yén Persib ngamimitian TC di Bali dina kondisi sababaraha pamaén Timnas can gabung. Jadi, lamun tim anu can lengkep waé bisa meunang 3-0, tangtu aya sinyal positif. Tapi sakaligus ieu jadi alarm yén kompetisi resmi engké bakal méré ujian anu leuwih beurat.

    Sabah Jadi Korban Kahiji, Bali Jadi Ujian Salajengna

    Kemenangan ieu ngajadikeun Persib ayeuna boga modal positif keur nyinghareupan pertandingan salajengna dina Dewata Challenge Series. Sabah méméhna geus ngéléhkeun Bali United 2-1, tapi Persib bisa ngéléhkeun Sabah 3-0. Dina konteks turnamen ieu, Persib ayeuna jadi tim anu boga posisi alus. CNN Indonesia ogé ngalaporkeun yén Persib mingpin klasemen Dewata Challenge Series sabada kemenangan ieu.

    Tapi ayeuna datang episode anu leuwih menarik: Bali United. Persib bakal ngalawan Serdadu Tridatu poé Salasa tanggal 18 Agustus. Di dieu urang bisa ningali naha hasil 3-0 ngalawan Sabah téh memang tanda perkembangan, atawa ngan ukur hiji pertandingan anu kabeneran berjalan mulus. Sabab Bali tangtu moal hayang deui jadi korban dina turnamen sorangan.

    Jadi, Naon Hikmah Ti Laga Ieu?

    Aya sababaraha oleh-oleh nu bisa dibawa balik ku Persib ti Gianyar. Kahiji, Peralta geus muka rekening gol. Kadua, Menalo langsung ningalikeun kontribusi. Katilu, Beckham masih bisa jadi ancaman di lini hareup. Kaopat, lini tukang bisa clean sheet. Jeung kalima, anu paling penting, Persib meunang kalayan permainan anu leuwih meyakinkan tibatan ngan saukur ngandelkeun hoki. Tapi deui, ieu kakara hiji pertandingan. Bobotoh ulah langsung terbuai ku skor 3-0, sabab perjalanan musim masih panjang.

    Memérsib Nyebut: Meunang Mah Meunang, Tapi PR Can Bérés

    Mun ditanya puas atawa henteu? Puas atuh. Persib meunang 3-0, saha anu rék ngomong teu puas? Tapi Memérsib mah moal kaburu nyieun mahkota tina hiji pertandingan pramusim. Persib ayeuna keur nyusun deui tim, Igor Tolić keur néangan bentuk permainan, pamaén anyar keur adaptasi, jeung sababaraha pamaén penting ogé can lengkep. Jadi skor 3-0 ieu leuwih hadé dianggap minangka sinyal positif, lain bukti yén Persib geus jadi mesin anu teu boga masalah.

    Nu jelas, Sabah geus ngasaan sorangan kumaha bédana ngalawan Maung Bandung. Ti mimiti ngéléhkeun Bali United 2-1, ayeuna malah kudu nampa tilu gol tanpa bisa ngabales. Persib meunang, clean sheet, Peralta nyetak gol debut, Menalo nyusul, Beckham nutup pesta. Lumayan lah.

    Baca ogé ieu: Preview Sabah FC vs PERSIB · Review Persib 3-2 Bali United · Hub Persib 2026/27

    Ayeuna tinggal hiji pertanyaan: bisa teu performa ieu diteruskeun ngalawan Bali United? Sabab lamun Persib bisa deui nunjukkeun perkembangan anu sarua, meureun urang bisa mimiti ngomong yén aya bentuk anu keur kabentuk di leungeun Igor Tolić. Tapi lamun balik acak-acakan deui, nya geus, urang balik deui kana kalimat klasik: “ieu mah masih pramusim, lur.”

    Keur ayeuna mah cukup: Sabah FC 0-3 PERSIB. Maung meunang. PR can bérés. Tapi sahanteuna, aya hasil anu bisa dibawa balik ti Bali.

    [Memérsib]
    Ngobrolkeun Persib ku rasa Bobotoh


  • Saméméh Laga: Sabah FC vs PERSIB Bandung | Dewata Challenge Series 2026

    Saméméh Laga: Sabah FC vs PERSIB Bandung | Dewata Challenge Series 2026

    Sabtu, 15 Agustus 2026
    Kick-off: 19.00 WIB
    Stadion Kapten I Wayan Dipta, Gianyar, Bali.

    Sabtu sore, PERSIB Bandung bakal kembali ke lapangan. Setelah perjalanan melelahkan di Piala Presiden 2026, Maung Bandung ayeuna neruskeun persiapan keur musim 2026/2027 melalui Dewata Challenge Series 2026.

    Lawan kahiji anu kudu disanghareupan nyaéta Sabah FC, wakil ti nagarana “Upin-Ipin”, Malaysia anu geus leuwih tiheula nyobaan hawa pertandingan di Bali.

    Ieu memang pertandingan pramusim, lain pertandingan liga jeung lain laga anu nangtukeun trofi resmi, tapi ulah dianggap saukur ulin-ulinan komo nepi ka heureuy mah. Keur PERSIB, pertandingan ieu jadi kasempetan keur ningali kumaha perkembangan tim sanggeus ngalakonan pemusatan latihan di Bali, sakaligus nguji hasil gawé bareng Igor Tolic anu masih kénéh ngawangun timna.

    Ari Sabah mah datang boga modal anu cukup ngeunah: maranéhna geus ngéléhkeun Bali United 2-1 dina pertandingan pembuka Dewata Challenge Series. Jadi, dua tim ieu datang kalayan kabutuhan anu béda. PERSIB butuh tempat keur nguji, ngulik, jeung ngabenerkeun naon anu masih acak-acakan, sedengkeun Sabah butuh neruskeun momentum sanggeus meunang dina laga kahiji.

    Kondisi Terakhir PERSIB

    PERSIB datang ka Bali sanggeus ngalakonan Piala Presiden 2026. Laga pamungkasna nyaéta final ngalawan Persebaya Surabaya dina 6 Agustus 2026. Pertandingan bérés kalayan skor 1-1 dina waktu normal jeung tambahan, tuluy kudu ditangtukeun ku adu pinalti. Persebaya ahirna unggul 6-5 dina “ngadu milik”, anu ngajadikeun PERSIB kudu puas jadi runner-up Piala Presiden 2026.

    Saméméhna, perjalanan PERSIB cukup alus: ngéléhkeun Arema FC 1-0 dina 25 Juli, ngéléhkeun DPMM FC 1-0 dina 28 Juli, ngéléhkeun Tampines Rovers 1-0 dina 31 Juli, tuluy ngéléhkeun Persija Jakarta 2-1 dina semifinal 4 Agustus. Jadi tina lima pertandingan Piala Presiden, PERSIB nyatet opat kemenangan jeung sakali éléh, nyaéta dina final ngalawan Persebaya via drama adu penalti.

    Tapi ayeuna caritana geus béda. Piala Presiden geus bérés, trofi geus leupas, jeung waktuna balik deui kana pagawéan anu leuwih penting: ngawangun tim. Sabab éta, laga ngalawan Sabah teu kudu ditingali tina skor wungkul. Anu kudu diperhatikeun lain Si Ramon waé nu pakojot mawa bola jeung teu nyaho liang, tapi leuwih tidinya, kumaha fisik pamaén, komunikasi, organisasi permainan, chemistry, nepi ka Igor Tolic boga konsép keur nyusun kombinasi pamaénna. PERSIB ogé geus nyebut yén program latihan di Bali terus diarahkeun keur ningkatkeun fisik jeung téknik pamaén.

    Sabah FC Datang Boga Modal Meunang

    Sabah FC mah teu datang ukur leungeun kosong. Dina pertandingan kahiji Dewata Challenge Series tanggal 13 Agustus 2026, Sabah langsung ngéléhkeun Bali United 2-1. Sabah muka skor di menit ka-18 ngaliwatan Park Jungbin, tuluy Bali United ngabales léwat Rahmat Arjuna dina menit ka-23. Tapi Sabah balik unggul saméméh turun nginum jeung sanggup ngajaga skor 2-1 nepi pertandingan réngsé.

    Hasil ieu ngajadikeun Sabah jadi tim mimiti anu meunang dina Dewata Challenge Series 2026. Nu leuwih kudu diperhatikeun, Sabah teu ngan saukur parkir beus sanggeus unggul. Bali United masih boga sababaraha kasempetan dina babak kadua, tapi pertahanan Sabah bisa nahan tekanan jeung ngajaga hasil nepi piriwit panjang. Hartina, PERSIB boga lawan anu geus meunang rasa percaya diri ti pertandingan kahiji. Salah sahiji ngaran anu kudu diperhatikeun nyaéta Park Jungbin. Gelandang ieu langsung nyieun gol pembuka ngalawan Bali United ogé nunjukkeun yén ancaman Sabah teu kudu ngan ukur ditingali ti penyerangna. Lini tengah ogé bisa jadi sumber masalah lamun diantep bébas teuing.

    Saha ari Sabah FC?

    Sabah FC mangrupakeun klub asal Kota Kinabalu, Sabah, Malaysia anu manggung di kasta pangluhurna sepak bola Malaysia. Tim ieu ayeuna ditangani Juan Torres Garrido, pelatih asal Spanyol anu nyokot alih Sabah dina Februari 2026 sarta jadi bagian tina proyek kleub keur nyiapkeun tim nyinghareupan musim anyar.

    Dewata Challenge Series dimanfaatkeun Sabah keur ngukur sabaraha jauh level tim maranéhna saméméh asup kana kompetisi resmi. Juan Torres ningali pertandingan ngalawan Bali United jeung PERSIB minangkana mah kasempetan nguji timna ngalawan dua klub Indonesia. Jadi ulah héran lamun Sabah tampil lumayan serius. Maranéhna ogé boga modal tambahan: geus meunang dina laga kahiji jeung geus nyaho kumaha rasana maén di Stadion Kapten I Wayan Dipta.

    Modal Terakhir Duanana

    Lamun ningali tina hasil pamungkas, PERSIB memang datang mawa catetan anu cukup alus sok sanajan finalna kudu ditutup ku rasa baleuy. Laga pamungkas PERSIB nyaéta 1-1 lawan Persebaya dina waktu pertandingan, tuluy éléh dina adu pinalti. Saméméhna boga hasil meunang 2-1 ngalawan Persija, 1-0 ngalawan Tampines Rovers, 1-0 ngalawan DPMM FC, jeung 1-0 ngalawan Arema FC.

    Sedengkeun Sabah datang langsung meunang 2-1 ngalawan Bali United. Jadi lamun ngan ukur ningali momentum pertandingan panganyarna, Sabah keur rada leuwih panas sabab kakara meunang, sedengkeun PERSIB kudu malikkeun deui mood saprak gagal jadi juara Piala Presiden. Tapi lamun ningali kualitas lawan anu geus disanghareupan, pangalaman pertandingan jeung kualitas skuad, PERSIB jelas boga modal sorangan.

    Dua Tim, Dua Pangabutuh

    Nu bakal menarik, PERSIB jeung Sabah sabenerna teu keur ngudag hal nu sarua. PERSIB butuh eksperimen jeung evaluasi. Igor Tolic kudu nguji komposisi, ningali saha anu nyambung jeung saha anu can nyambung, ngawangun chemistry, ngabenerkeun organisasi permainan jeung méré menit ka pamaén anu butuh kesempatan.

    Sedengkeun Sabah butuh konsistensi. Sanggeus bisa ngéléhkeun Bali United, tangtu maranéhna hayang ngalakukeun deui hal anu sarua ngalawan PERSIB. Lamun Sabah sanggup ngéléhkeun dua klub Indonesia dina hiji rangkaian turnamen, éta bakal jadi modal psikologis anu cukup gedé keur maranéhna. Ku kituna, pertandingan ieu bisa jadi rada leuwih rumit tibatan anu katingali dina catetan kertas.

    Pertarungan Taktik

    Igor Tolic masih dina tahap kuriak ngawangun PERSIB. Struktur permainan, pola serangan, hubungan antarpamaén jeung komposisi inti masih terus dirapihkeun. Sedengkeun Sabah datang mawa modal hiji pertandingan di turnamen anu sarua.

    PERSIB diprediksi bakal nyobaan leuwih dominan dina penguasaan bola jeung nyusun serangan sacara terstruktur, tapi Sabah geus nunjukkeun yén maranéhna bisa ngamangpaatkeun transisi jeung momentum.

    Gol Park Jungbin ngalawan Bali United ogé jadi sinyal yén PERSIB teu cukup ngan ngajaga penyerang. Lini kadua Sabah kudu diperhatikeun. Mun PERSIB telat turun nalika leungit bola, Sabah bisa waé nyieun masalah. Ieu bagian anu bakal menarik ditingali: naha PERSIB bisa ngajaga kontrol pertandingan, atawa malah kabawa kana tempo permainan Sabah.

    Nu Kudu Diperhatikeun Bobotoh

    Aya sababaraha hal anu leuwih penting tibatan saukur meunang atawa éléh.

    Kahiji, kumaha réaksi PERSIB sanggeus gagal di final Piala Presiden. Éléh ku Persebaya léwat adu pinalti tangtu ninggalkeun rasa kuciwa, tapi pertandingan ngalawan Sabah jadi kasempetan keur ningali kumaha tim ngabales rasa kuciwa éta di lapangan.

    Kadua, chemistry pamaén anyar. PERSIB keur aya dina fase ngawangun deui komposisi tim, jadi hubungan antarpamaén kudu terus diuji, utamana nalika transisi nyerang jeung bertahan.

    Katilu, menit bermain keur pamaén ngora. Pramusim téh salah sahiji momen anu paling logis keur méré pangalaman ka pamaén ngora, tapi lain ngan ukur soal dibéré menit; kudu ditingali ogé naha maranéhna sanggup nuturkeun tuntutan tim utama.

    Kaopat, perkembangan fisik. PERSIB henteu asal ngagebér latihan saméméh pertandingan, tapi materi latihan disaluyukeun jeung jadwal Dewata Challenge Series supaya kondisi pamaén tetep optimal.

    Kalima, lini hareup. Produktivitas penyerang ogé bakal jadi perhatian, komo Si Ramon. Pamaén hareup kudu bisa nunjukkeun yén maranéhna pantes meunang tempat nalika kompetisi resmi dimimitian. Jadi mun aya striker anu can nyetak gol atawa can katingali nyambung, komo pabaliut suku jeung teh nyaho liang mah, ieu mangrupa salah sahiji kasempetan keur ngabuktikeun diri.

    Stadion Kapten I Wayan Dipta

    Pertandingan bakal dilaksanakeun di Stadion Kapten I Wayan Dipta, Gianyar, Bali. Stadion ieu lain tempat anu asing keur PERSIB, sabab Dedi Kusnandar saparakanca mineng maén di Bali dina sababaraha musim terakhir. Tapi ayeuna konteksna béda. Ieu lain liga, lain pertandingan anu kudu meunang keur ngudag posisi klasemen, jeung lain pertandingan anu langsung nentukan nasib. Ieu pertandingan pramusim anu fungsina keur nguji jeung nyiapkeun tim.

    Jadi hasil memang penting, tapi proses leuwih penting. Mun PERSIB meunang tapi permainanana masih acak-acakan, Bobotoh tangtu boga hak keur nanya, “Ari saria belul maée?”. Sabalikna, lamun hasilna teu saluyu harepan tapi aya perkembangan anu jelas dina permainan, éta ogé kudu dihargaan salaku bagian tina proses.

    JADWAL DEWATA CHALLENGE SERIES 2026 · Review Sabah FC 0-3 PERSIB · Hub Persib 2026/27

    Prediksi Memérsib

    Ieu pertandingan moal gampang. Sabah geus meunang naklukeun Bali United, geus nyaho suasana pertandingan di Bali jeung keur boga rasa percaya diri. PERSIB ogé teu bisa datang bari ngarasa leuwih gedé ngan kusabab ngaranna PERSIB. Tapi lamun ningali kualitas skuad, pangalaman jeung hasil PERSIB dina Piala Presiden, Maung Bandung tetep boga modal bisa meunang.

    Baca ogé ieu Lur: ‘Dina Sapeuting, Leungit’: Persib, FIFA Registration Ban, dan Kasus Robert Rene Alberts

    Memérsib ningali pertandingan ieu bisa lumangsung ketat, tapi PERSIB boga kasempetan keur nyokot kemenangan. Prediksi skor: Sabah FC 1-2 PERSIB Bandung. Tapi deuih, urang ulah kaburu ngamuk lamun skor henteu akur jeung prediksi. Ieu pramusim. Nu kudu diudag lain saukur angka dina papan skor, tapi kumaha PERSIB kaluar ti lapangan kalayan tim anu leuwih siap tibatan saméméhna.

    Pertandingan Ieu Henteu Ngacu Kanu Trofi

    Dewata Challenge Series lain kompetisi resmi anu bakal nangtukeun prestasi PERSIB dina musim 2026/2027. Tapi justru lantaran lain kompetisi resmi, Igor Tolic boga ruang keur eksperiman rupa-rupa hal. Di dieu manéhna bisa nguji. Di dieu pamaén bisa silih siku méh meunang tempat. Di dieu chemistry bisa mimiti kabentuk. Jeung di dieu Bobotoh bisa noong saeutik-saeutik: sabenerna PERSIB 2026/2027 rék dibawa ka mana?

    Sabah geus muka turnamen ku kemenangan ngalawan Bali United. Ayeuna giliran Maung Bandung ngajawab. Sabtu, 15 Agustus 2026, Sabah FC vs PERSIB Bandung.

    Pramusim memang lain rék perang keur ngala trofi, tapi lain hartina euweuh anu kudu dibuktikeun. Sabab ti pertandingan-pertandingan siga kieu, urang bisa mimiti ningali naha PERSIB geus boga arah, atawa masih kénéh kudu beberesih loba teuing PR. Hayu lalajoan tingali, Maung Bandung ayeuna geus jadi naon di leungeun Igor Tolic?.

    [MEMÉRSIB]
    Ngobrolkeun Persib, ku rasa Bobotoh


    Sumber rujukan:

    • PERSIB — Persib Lanjutkan Persiapan di Bali
    • PERSIB — Persib Mulai Jalani Pemusatan Latihan di Bali
    • PERSIB — Fisik dan Teknik Terus Digenjot
    • detikJabar — Persib Bandung Main Lagi Kapan? Ini Jadwal Lawan Sabah FC
    • ANTARA — Bali United Takluk 1-2 dari Sabah FC
    • Bola.com — Hadapi Persib Bandung dan Bali United, Modal Bagus Sabah FC Ukur Kemampuan
    • MetroTVNews — Jadwal Lengkap Dewata Challenge Series 2026
    • ESPN — Sabah vs Persib Bandung
  • Dewata Challenge Series 2026: SABAH FC vs PERSIB Bandung

    Dewata Challenge Series 2026: SABAH FC vs PERSIB Bandung

    Sanggeus ngaliwatan sababaraha agenda pramusim, ayeuna waktuna Maung Bandung neruskeun persiapanana di Bali.

    Lewat Dewata Challenge Series 2026, Persib bakal meunang dua uji tanding keur ngukur deui kesiapan tim saméméh kompetisi resmi dimimitian.

    Lain saukur néangan hasil.

    Pramusim téh waktuna nguji komposisi, ngawangun chemistry, ningali perkembangan pamaén anyar, jeung ngabenerkeun naon waé nu masih kurang.

    Maung keur dipanaskeun.

    Cik urang tingali kumaha Persib ngajalankeun deui léngkahna di Bali?

    [MEMÉRSIB]