Dewata Challenge Series 2026 — Selasa, 18 Agustus 2026 — Stadion Kapten I Wayan Dipta, Gianyar, Bali — Kick-off 19.30 WIB
PERSIB Bandung bakal menjalani laga pamungkas Dewata Challenge Series 2026 dengan bekal yang cukup baik. Setelah menggulung Sabah FC 3-0, Maung Bandung ayeuna nangtung di puncak klasemen kalayan tilu poin jeung selisih gol +3. Ari Bali United mah masih nihil poin sanggeus éléh 1-2 ti Sabah dina laga pembuka. Jadi, sanajan ieu masih pramusim, pertandingan téh lain saukur formalitas atawa ngagugurkeun kawajiban jadwal. Aya posisi puncak anu kudu dijaga ku Persib. Maung Bandung bakal ngalawan Bali United di Stadion Kapten I Wayan Dipta, Gianyar, Salasa, 18 Agustus 2026, pukul 19.30 WIB atawa 20.30 WITA. Ieu jadi pertandingan kadua Persib dina turnamen sanggeus saméméhna tampil cukup meyakinkan ngalawan Sabah.
Modalna Geus 3-0, Tapi Ulah Kaburu GR
Laga terakhir ngalawan Sabah jadi modal psikologis anu alus keur Persib. Tilu gol dicetak ku Mariano Peralta, Luka Menalo, jeung Beckham Putra, bari gawang Maung Bandung tetep bersih. Hasil ieu lain ngan saukur nyumbang tilu poin, tapi ogé méré sinyal yén sababaraha kombinasi anu keur diulik ku Igor Tolić mimiti aya hasilna. Peralta ogé geus muka rekening golna keur Persib. Penyerang nu datang ti Borneo FC éta langsung nyetak gol perdana, bari kombinasi jeung Menalo ogé mimiti meunang perhatian. Menalo malah nyebut komunikasi jeung Peralta henteu jadi masalah nalika duanana aya di lapangan. Ieu mah lumayan, can lila babarengan geus bisa silih ngarti. Tapi deui, ulah kaburu nyieun kesimpulan yén Persib geus beres. Tilu-nol mah ngeunah, tapi ieu kakara pramusim, lur.
Igor Tolić Masih Néangan Jawaban
Keur Igor Tolić, pertandingan di Bali leuwih mirip laboratorium tibatan tempat keur ngumpulkeun angka wungkul. Manéhna masih kudu néangan saha anu cocok, saha anu nyambung, saha anu kudu meunang menit leuwih loba, jeung kumaha struktur permainan Persib nalika kompetisi resmi dimimitian. Simamaung ngalaporkeun yén Tolić hayang méré kesempatan leuwih loba ka pamaén supaya tim pelatih boga gambaran anu leuwih jelas ngeunaan komposisi jeung cara bermain Persib. Ku sabab éta, ulah héran lamun komposisi ngalawan Bali United béda jeung waktu ngéléhkeun Sabah. Bisa aya rotasi, bisa aya pamaén anyar anu dicoba, bisa ogé aya pamaén anu meunang menit leuwih loba. Intina mah, Igor keur beberesih imah. Mun aya korsi dipindahkeun ti ruang tamu ka dapur, ulah langsung ditanya naha desain interiorna gagal?.
Eliano Siap, Sandy Walsh Can Ideal
Aya kabar positif ti Eliano Reijnders. Sanggeus balik ti tugas internasional, Eliano nyebut kondisina siap keur tampil ngalawan Bali United. Ieu jelas jadi tambahan pilihan keur Igor, utamana kuer ningali kumaha pamaén anu anyar balik ti Timnas bisa nyambung deui jeung sistem Persib. Tapi henteu kabéh pamaén datang dina kondisi anu sarua. Sandy Walsh masih kudu ngalakonan pemulihan tina cedera. Igor Tolić nyebut sacara umum pamaén anu anyar balik ti timnas aya dina kondisi cukup alus, sanajan aya saeutik kondisi recovery nu can ideal, sedengkeun Sandy jadi pengecualian. Hartina, laga ieu ogé bakal nguji kumaha Igor ngatur fisik pamaén. Pramusim mah waktuna nguji, lain waktuna maksa pamaén nepi ka awakna pasiksak.
Bali United Teu Bisa Disepélékeun
Bali United boga modal anu kurang ideal. Dina pertandingan kahiji Dewata Challenge Series, Serdadu Tridatu éléh 1-2 ti Sabah FC. Sabah unggul léwat Jungbin Park di menit ka-18, Bali nyaruakeun skor ku Rahmat Arjuna menit ka-23, tapi Sabah ahirna ngarebut kemenangan. Sanajan kitu, ulah salah maca kaayaan. Bali maén di kandang sorangan jeung tangtu boga kahayang nutup turnamen kalayan hasil anu leuwih alus. Johnny Jansen jeung pasukanna pasti teu hayang dua kali jadi bahan carita tim séjén. Komo deui, lamun hayang nyalip Persib dina klasemen, Bali kudu meunang kalayan margin sahenteuna 4-0. Jadi lamun aya anu nyebut, “Ah, pramusim ieu mah bodo amat,” nya moal kitu ogé. Aya gengsi, aya evaluasi, jeung aya kahayang keur ngabuktikeun yén kekalahan ti Sabah téh lain gambaran sabenerna.
Johnny Jansen Ngaku Persib Lain Écék-Écék
Pelatih Bali United, Johnny Jansen, sadar yén lawanna lain tim écék-écék . Persib dianggap minangka tim anu kuat, juara musim kamari, sarta boga kualitas pamaén anu cukup jero. Sanajan kitu, Jansen ogé ningali level Bali United jeung Persib relatif saimbang. Bali United geus nyiapkeun sababaraha hal dina latihan pamungkas, kaasup passing, shooting, strategi jeung transisi. Jadi Persib ulah nepi ka datang bari mawa pikiran, “Sabah gé 3-0, Bali mah tinggal bébérés.” Moal kitu caritana. Bali United boga kandang, boga gengsi, jeung boga alesan keur maén leuwih ngotot.
Dua Tim, Dua Urusan
Persib jeung Bali United datang kalayan kabutuhan anu béda. Persib geus boga tilu poin jeung posisi puncak, jadi prioritas Igor nyaéta ngajaga perkembangan tim bari terus nguji pamaén anu can loba meunang menit. Bali United mah kudu néangan jawaban sanggeus kalah ti Sabah. Persib hayang méré menit, nguji kombinasi jeung ngasakkeun sistem. Bali hayang ngabales hasil goréng jeung nutup turnamen kalayan kemenangan. Justru bédana kabutuhan ieu anu ngajadikeun laga leuwih menarik. Hiji tim teu kudu meunang keur jadi juara turnamen, sedengkeun hiji deui kudu meunang gedé lamun hayang nyalip. Nya ieu mah pramusim, tapi rada aya bumbuna.
Naon Anu Kudu Ditingali Bobotoh?
Hal kahiji nyaéta konsistensi lini hareup. Peralta jeung Menalo geus nyumbangkeun gol ngalawan Sabah. Ayeuna tinggal ditingali naha hubungan duanana bisa deui nyieun ancaman ka gawang Bali. Kadua, kumaha pamaén anyar jeung pamaén Timnas nyambung jeung struktur Igor. Eliano geus nyatakeun siap, sedengkeun sababaraha pamaén séjén kakara balik dines nagara. Katilu, naha clean sheet bisa diulang? Ngéléhkeun Sabah 3-0 tanpa kebobolan tangtu alus, tapi Bali bakal jadi ujian anu béda sabab maén di kandang sorangan. Kaopat, transisi permainan. Persib kudu bisa ngajaga struktur transisi nalika leungit bola jeung gancang, ti bertahan ka menyerang. Kalima, saha anu meunang menit. Ieu penting sabab Igor kudu boga gambaran komposisi pangalusna saméméh kompetisi resmi dimimitian.
Pramusim, Tapi Persib Tinggal Saléngkah Deui
Aya hal anu rada unik dina pertandingan ieu. Persib sabenerna teu wajib meunang keur ngajaga posisi puncak Dewata Challenge Series. Hasil imbang geus cukup keur ngajaga Maung Bandung di luhur, sedengkeun Bali kudu meunang kalayan margin gedé keur nyiap ti kénca. Tapi justru di dieu aya jebakanana. Lamun Persib ti awal mikir, “Draw gé cukup,” bisa waé permainan jadi teu puguh. Pramusim mah lain waktuna maén sieun. Anu kudu diudag ku Igor nyaéta perkembangan tim. Persib geus meunang 3-0 ti Sabah. Ayeuna waktuna ningali naha hasil éta memang ngagambarkeun perkembangan permainan atawa ngan saukur hiji pertandingan anu kabeneran berjalan mulus.
Prediksi Memérsib
Lamun ningali kualitas jeung momentum, Persib boga modal anu leuwih alus. Kemenangan 3-0 ngalawan Sabah pasti nambah rasa percaya diri lini hareup. Tapi Bali United maén di kandang jeung boga kabutuhan hayang meunang, jadi pertandingan diprediksi bakal leuwih ketat. Memérsib teu ningali ieu bakal jadi laga gampang. Prediksi Memérsib: Persib Bandung 2-1 Bali United. Persib meunang, tapi teu kudu gedé. Nu leuwih penting mah Persib bisa terus ningalikeun bentuk permainan anyar beuki jelas. Sabab tujuan Igor Tolić ayeuna lain nyieun Bobotoh mabok ku skor pramusim, tapi nyiapkeun Persib sangkan nalika pertandingan geus boga harga, tim geus teu kagok deui.
Sabah Geus Digulung, Ayeuna Bali Nu Ngadagoan
Sabah geus digulung 3-0. Ayeuna Bali United nu ngadagoan. Persib memang tinggal ngajaga posisi puncak, tapi Igor Tolić masih kudu néangan loba jawaban. Meunang mah alus, tapi anu leuwih penting nyaéta proses. Pikeun nuturkeun hasil pertandingan jeung perjalanan musim, tingali Hub Persib 2026/27, sarta baca Review Persib 3-2 Bali United sanggeus laga.
[MEMÉRSIB]
Ngobrolkeun Persib ku rasa Bobotoh

Tinggalkan Balasan