Kategori: Obrolan Bobotoh

Obrolan Bobotoh: bahasan ringan, percakapan, fenomena, dan cerita seputar Persib dengan gaya santai khas komunitas Bobotoh.

  • Bobotoh Teu Kudu Ngaku, Nu Lain Geus Ngomong

    Bobotoh Teu Kudu Ngaku, Nu Lain Geus Ngomong

    Memérsib: Din, ningali ieu mah Uing jadi seuri sorangan. Fanatisme Bobotoh téh nepi ka disorot ku akun Bali Football. 😁

    Didin: Nya kumaha teu disorot, Mér. Ramé di sosmed, ramé di tribun. Ari Persib maén mah Bobotoh téh siga teu boga tombol mute. 😂

    Memérsib: Tapi ieu nu matak menarik. Nu ngomong lain urang Bandung sorangan.

    Didin: Tah, éta! Lamun urang sorangan nu ngomong, sok aya nu nyebut “ah, Bobotoh mah ngarasa panghebatna.” Ayeuna pihak luar nu ngomong.

    Memérsib: Fanatisme mah lain ukur jumlah nu datang ka stadion.

    Didin: Enya. Persib éléh ogé dibahas. Meunang dibahas. Transfer dibahas. Pelatih salah strategi dibahas. Nu teu dimaénkeun ogé dibahas. 🤣

    Memérsib: Jadi Bobotoh téh lain ngan saukur nonton pertandingan.

    Didin: Tapi geus jadi bagian tina kahirupan. Isuk ngopi ngomong Persib, beurang buka HP néangan Persib, peuting lamun aya laga… tong ditanya. 😂

    Memérsib: Hartina lamun aya nu nanya, “Sabaraha fanatikna Bobotoh?”

    Baca ogé ieu: Bobotoh Ieu Tara Nanya “Sabaraha?”, Tapi “Saha Nu Rék Milu?”

    Didin: Gampang jawabna; tingali wé mun Persib Day. Nu lain Bobotoh ogé sok kabawa riweuh. 💙🐯

    Memérsib: Tah, éta mah teu kudu loba dijelaskeun deui.

    Didin: Nu penting mah fanatik meunang, tapi ulah nepi ka leungit akal. Ngadukung Persib mah kudu total, ngahina batur mah teu kudu. 😏💙

    [MEMÉRSIB]
    Bébas Ngomong, Tetep Bobotoh