Tag: HUTRI

  • Lagi-lagi Bobotoh Ieu Bikin Ulah!

    Lagi-lagi Bobotoh Ieu Bikin Ulah!

    Ka stadion ngajak babaturan gratisan. Tiket ditanggung, dahar disiapkeun, tempat saré di Bandung ogé aya. Pokona, mun aya babaturan rék milu nyetadion, Regi Fauzan mah tara loba nanya, “Sabaraha?” tapi leuwih resep nanya, “Saha nu rék milu?”

    Buat Regi, aya kepuasan sorangan lamun bisa ngabahagiakeun babaturan. Persib keur maén, nu penting mah bareng-bareng. Duit mah bisa ditéangan deui, tapi momen lalajo Persib jeung babaturan teu salawasna bisa diulang.

    Bobotoh asal Pameungpeuk, Garut Selatan ieu ogé lain pengusaha asal-asalan. Regi ngajalankeun Toko Mas Plamboyan anu geus berkembang jadi sababaraha cabang. Salian ti éta, anjeunna ogé boga usaha walet. Ari keur hobi, Regi resep badminton jeung musik, malah boga studio musik sorangan.

    Tapi carita ngeunaan ngabagi kabagjaan ternyata teu eureun di stadion.

    Dina poster nu beredar di media sosial, aya kagiatan Jalan Santai Warga RW 02 Mandalakasih, Kecamatan Pameungpeuk dina raraga HUT ka-81 RI, ngaran Plamboyan 1, Plamboyan 2, jeung Toko Mas Anda tercantum dina daptar donatur. Aya hadiah utama umrah ti Toko Mas Plamboyan Group, ditambah rupa-rupa hadiah séjén keur warga.

    Tapi kudu jelas: Toko Mas Anda masih bagian tina Group Plamboyan, sedengkeun pengelolaanna aya di leungeun adina Regi jeung salakina.

    Ngan lamun ditarik benang mérahna, aya hiji hal anu matak menarik: di stadion Regi resep ngabahagiakeun babaturan, di lingkungan usaha jeung kulawargana ogé aya budaya berbagi jeung ngabahagiakeun warga.

    Jadi, ieu Bobotoh lain saukur resep nyetadion.

    • Aya Persib.
    • Aya babaturan.
    • Aya usaha.
    • Aya kulawarga.
    • Jeung aya kabagjaan anu resep dibagikeun.

    Baca ogé: Bobotoh Ieu Tara Nanya “Sabaraha?”, Tapi “Saha Nu Rék Milu?”

    Meureun éta sababna Regi tara ribet lamun ngajak babaturan lalajo Persib.

    “Hayu, milu. Tiketna ku urang.”

    Sakumaha sederhana kitu.

    Sabab keur Regi, jadi Bobotoh mah lain ukur soal datang ka stadion. Tapi soal saha anu diajak, jeung sabaraha jalma anu bisa ikut ngarasa bungah.

    [MEMÉRSIB]
    Carita Bobotoh — Ti urang, keur urang.