Kategori: Carita Bobotoh

Carita Bobotoh: kisah, pengalaman, kegiatan, dan momen nyata Bobotoh bersama Persib di tribun maupun di luar pertandingan.

  • Lagi-lagi Bobotoh Ieu Bikin Ulah!

    Lagi-lagi Bobotoh Ieu Bikin Ulah!

    Ka stadion ngajak babaturan gratisan. Tiket ditanggung, dahar disiapkeun, tempat saré di Bandung ogé aya. Pokona, mun aya babaturan rék milu nyetadion, Regi Fauzan mah tara loba nanya, “Sabaraha?” tapi leuwih resep nanya, “Saha nu rék milu?”

    Buat Regi, aya kepuasan sorangan lamun bisa ngabahagiakeun babaturan. Persib keur maén, nu penting mah bareng-bareng. Duit mah bisa ditéangan deui, tapi momen lalajo Persib jeung babaturan teu salawasna bisa diulang.

    Bobotoh asal Pameungpeuk, Garut Selatan ieu ogé lain pengusaha asal-asalan. Regi ngajalankeun Toko Mas Plamboyan anu geus berkembang jadi sababaraha cabang. Salian ti éta, anjeunna ogé boga usaha walet. Ari keur hobi, Regi resep badminton jeung musik, malah boga studio musik sorangan.

    Tapi carita ngeunaan ngabagi kabagjaan ternyata teu eureun di stadion.

    Dina poster nu beredar di media sosial, aya kagiatan Jalan Santai Warga RW 02 Mandalakasih, Kecamatan Pameungpeuk dina raraga HUT ka-81 RI, ngaran Plamboyan 1, Plamboyan 2, jeung Toko Mas Anda tercantum dina daptar donatur. Aya hadiah utama umrah ti Toko Mas Plamboyan Group, ditambah rupa-rupa hadiah séjén keur warga.

    Tapi kudu jelas: Toko Mas Anda masih bagian tina Group Plamboyan, sedengkeun pengelolaanna aya di leungeun adina Regi jeung salakina.

    Ngan lamun ditarik benang mérahna, aya hiji hal anu matak menarik: di stadion Regi resep ngabahagiakeun babaturan, di lingkungan usaha jeung kulawargana ogé aya budaya berbagi jeung ngabahagiakeun warga.

    Jadi, ieu Bobotoh lain saukur resep nyetadion.

    • Aya Persib.
    • Aya babaturan.
    • Aya usaha.
    • Aya kulawarga.
    • Jeung aya kabagjaan anu resep dibagikeun.

    Baca ogé: Bobotoh Ieu Tara Nanya “Sabaraha?”, Tapi “Saha Nu Rék Milu?”

    Meureun éta sababna Regi tara ribet lamun ngajak babaturan lalajo Persib.

    “Hayu, milu. Tiketna ku urang.”

    Sakumaha sederhana kitu.

    Sabab keur Regi, jadi Bobotoh mah lain ukur soal datang ka stadion. Tapi soal saha anu diajak, jeung sabaraha jalma anu bisa ikut ngarasa bungah.

    [MEMÉRSIB]
    Carita Bobotoh — Ti urang, keur urang.


  • Bobotoh Ieu Tara Nanya “Sabaraha?”, Tapi “Saha Nu Rék Milu?”

    Bobotoh Ieu Tara Nanya “Sabaraha?”, Tapi “Saha Nu Rék Milu?”

    Bagi Regi Fauzan, Bobotoh asal Pameungpeuk, Garut Selatan, nyetadion mah harus ramé-ramé. Nonton Persib sendirian? Ah, kurang greget.

    Regi dikenal sering ngajak teman-temannya buat “nyetadion” lalajo Persib. Yang menarik, bukan cuma ngajak doang. Tiket dibayarin, makan kantun ‘am’, tempat tidur di Bandung juga disadiakan di rumahnya. Gratis, lur.

    Sederhana tapi keren. Ada kepuasan tersendiri buat Regi kalau bisa bikin teman-temannya senang. “Urang mah senang lamun bisa ngabahagiakeun batur,” kurang lebih begitu prinsipnya.

    Padahal kalau dihitung-hitung, ngajak orang “nyetadion” mah bisa bikin dompet jebol. Tiket sakitu, dahar sakitu, ongkos sakitu, belum lagi kalau sampai menginap. Tapi buat Regi, duit bisa téangan, momen jeung babaturan mah can tangtu datang dua kali.

    Di luar urusan Persib, Regi juga bukan pengusaha écek-ecek. Ia punya usaha Toko Mas dengan beberapa cabang, sekaligus menjalankan usaha walet dan juga punya banyak kontrakan atau indekost di daerah Pameungpeuk. Hobinya juga lumayan banyak: badminton dan musik. Bahkan, Regi punya studio musik sendiri.

    Tapi yang paling menarik bukan soal usahanya, bukan juga soal bisa ngajak orang gratis.

    Tapi soal bagaimana dia menikmati jadi Bobotoh?

    Buat Egi sapaan akrabnya, Persib bukan cuma pertandingan 90 menit. Ada perjalanan dari Pameungpeuk ke Garut lanjut ke Bandung, ngajak teman, makan bareng, tidur bareng di rumahnya di Bandung, teriak-teriak di stadion, sampai pulang membawa cerita.

    Baca ogé ieu: Saméméh Laga: Sabah FC vs PERSIB Bandung | Dewata Challenge Series 2026

    Sakali deui: duit mah bisa ditéangan. Tapi momen nyetadion bareng babaturan, éta nu istimewa.

    Karena kadang, jadi Bobotoh itu sesederhana:

    “Hayu nyetadion. Tiket ku urang. Dahar ku urang. Saré ogé di urang. Nu penting urang senang-senang.”

    [MEMÉRSIB]
    Carita Bobotoh. Carita ti urang, keur urang.


    Kamu punya cerita Pepersiban? cik dongéngkeun!

    • Kumaha awalna jadi Bobotoh?
    • Aya momen jeung Persib anu nepi ka ayeuna teu poho?
    • Atawa aya carita lucu, sedih, seru, pas nonton Persib?

    Caritakeun wé di dieu. Teu kudu rapih, teu kudu panjang. santuy wé. Kirimkeun carita dulur ka Memérsib. Saha nu apal carita dulur jadi carita anu sarua dirasakeun ku Bobotoh séjén.

    Boga dongéng jeung Persib kumaha?

    Kirim kana:

    atau via Direct Message (DM) Media Sosial Memersib dibawah ini: